Sabtu, 19 Desember 2015

Dialog Wawancara Bahasa Sunda di Perpustakaan

Diposting oleh Unknown di 04.28
Assalamu'alaikum...

Hai guys, setelah beres UAS dan pembagian lapor akhirnya libur juga, nah mumpung lagi libur nih alhamdulillah ada kesempatan buat ngutak-ngatik ini blog.
Btw, kali ini aku mau post tugas Wawancara Bahasa Sunda, siapa tau aja bisa ngebantuin kalian.
Tugasnya seperti ini kawan, sok mangga ...

Nama : Puri Nurazizah Pratiwi
Kelas  : XI-IPA
Narasumber : Ibu Sri Fahmi (Pustakawati SMAN 1 Cipongkor )

P: "Assalamu'alaikum?"
N: "Waalaikum'salam."
P: "Punten bu tiasa nyungkeun waktosna sakedap?"
N: "Muhun mangga neng, aya naon?"
P:  "Abdi aya pancen ti guru  Bahasa Sunda kanggo ngawawancara. Manawi ibu tiasa diwawancara?"
N: "Muhun tiasa, sok mangga."
P: "Kuabdi dikawitan nya bu?, dupi nami ibu teh saha?"
N: "Nami ibu Sri Fahmi."
P: "Padamelan ibu di SMAN 1 Cipongkor teh naon?"
N: "Ibu damel diperpustakaan janteun Staf Administrasi Perpustakaan."
P:  "Sareng saha ibu damel didieu?"
N: "Sareng Pa Tatang, Pa Tatang teh nyaeta kepala Perpustakaanna."
P: "Ti iraha ibu damel didieu?"
N: "Ti bulan september taun 2014."
P: "Ibu dongkap ka sakola tabuh sabaraha?"
N: "Ibumah dongkap osok sakitar tabuh tujuhan neng."
P: "Muhun, bu dupi kualitas buku-buku di SMAN 1 Cipongkor teh kumaha?"
N: "Buku-bukuna atos berstandar nasional, katambih aya bantosan ti pamarentah."
P: "Buku naon anu dipikareseup ku siswa SMAN 1 Cipongkor?"
N: "Sateurang ibumah siswa didieu teh rareusepeun kana novel-novel sunda, katambih sering oge nambut buku pelajaran kanggo ngeurjakeun tugas."
P: "Upami sistem peminjaman bukuna kumaha?"
N: "Nyaa kawitnamah siswa kedah milih buku anu bade ditamutna, tos kitu kedah laporan ka petugas perpustakaan kanggo nyateutkeun buku anu bade ditambutna, saatos kitu ku petugas perpustakaan dipasihan waktos salami 3 dinteun, upami hoyong langkung ti 3 dinteun siswa kedah laporan ka petugas perpustakaan di dinteun ka 3 kanggo nambihan waktosna."
P: "Sabaraha jumlah maksimal buku anu ditamut siswa?"
N: "Sababaraha taun kapengkeurmah maksimal 5, tapi ayeunamah langkung ti 5 oge teu nanaon neng."
P: Kumaha bu upami aya siswa anu telat ngauihkeun buku anu ditamutna?"
N: "Upami telat ngauihkeunmah sanksina denda Rp.500,00 sadinteunna."
P: "Teuras kumaha upami buku anu ditambut siswa ical?"
N: "Nyaa upami icalmah wayahna kedah ngagentosan samisareung harga aslina buku anu ical eta."
P: "Oh kitu nya bu, mung sakitu wawancara ti abdi haturnuhun pisan kana waktosna bu, hapunten bilih aya cariosan anu teu merenah sareng tos ngawagel."
N: "Nya sami-sami neng."
P: "Assalamu'alaikum."
N: "Waalaikumsalam."

Nah gitu tugasnya, maaf kalo bahasanya kurang bagus, karena aku masih dalam tahap belajar. Semoga membantu.
Terimakasih, semoga bermanfaat.


0 komentar:

Posting Komentar

 

Catatan Puri Template by Ipietoon Blogger Template | Gift Idea